
Di halteu karéta api Leuwi Goong aya urang Cirebon anu keur diuk sorangan dina bangku, sigana mah keur nungguan karéta api nu ka dayeuhkeun.
Lar aya tukang nangka ngaliwat hareupeunana.
Tukang nangka : “Nangkana Mas! Nangkana Mas! “
Ngadéngé omongan tukang nangka, urang Cirebon téa diukna rada ngagésér saeutik.
Tukang nangka: “Nangkana Mas! Nangkana Mas!”
Urang Cirebon téa diukna rada ngagésér deui saeutik.
Tukang nangka: “Nangkana Mas! Nangkana Mas!”
Urang Cirebon téa diukna rada ngagésér deui saeutik.
Terus kitu kajadianana, nepi ka bangkuna ngajuralit, si urang Cirebon tijengkang nangkarak bengkang.
Si urang Cirebon ngambek, nyarékan tukang nangka laklak dasar.
Urang Cirebon : “Bujur manéh sakumaha legana hah! Ku aing dibéréan daerah diuk, masih kénéh nitah ngagésér ka aing! “.
Tukang nangka molohok teu ngarti kunaon dicarékan.[]